BAGEA DULUR

wilujeng sumping di rorompok blog sim kuring

mangga linggih, upami aya nu bade disuhunkeun mangga dihaturanan

Dianggo weh tarumpahna. Nyanggakeun saaya-aya

Minggu, 30 September 2012

SISINDIRAN III


Puyuh ngungkung dina kurung
Disumpitan teu katepi
Siang wengi abdi nguyung
Sok sering kaimpi-impi

Situ saeur parapatan
Jalanna ka alun-alun
Bilih aya kalepatan
Hapunten anu kasuhun

Cai-cai kopi kopi
Peupeujeuh mah dileueuet moal
Calik-calik sareng abdi
Peupeujeuh mah pacaket moal

Marakbak kembang ermawar
Kacampur jeung kacapiring
Sumeblak rasa kamelang
Hate mah teu genah teuing

Kembang culan kembang tanjung
Kembang sagala dongdoman
Rek sabulan rek sataun
Moal weleh diantosan

Samping hideung dina bilik
Kumaha dituhurkeunanan
Abdi nineung ka nu balik
Kamana mapalerkeunana

Ciung lain kerak lain
Japati belang jangjangna
Giruk lain ngewa lain
Bela pati ti anggalna

Sarikaya kembang laja
Kembang bonteng di astana
Ngarasa anu tunggara
Dirasa kieu rasana

Ka jami rek ngadon mantun
Ngahariring bari ngawih
Abdi mah alim dikantun
Alim dikantunkeun mulih

Kumaha dicarekna ngejo
Da puguh akar katapang
Kumaha dicarekna nempo
Da puguh nembe patepang

Mega mendung surya surup
Geus samar yen gara-gara
Neda agung nya tawakuf
neja jembar hapuntenna

Ngala suluh sok meunang regang
Dibeungkeutan tali rami
Bilih lami sok  teu patepang
Pamugi ulah rek lali

Empang nu teu dipelakaan
Koredas tembong cadasna
Tilas urang gogonjakan
Paturay kantun waasna

Kamana nyiar payung
Sakieu usum poekna
Ka saha nya menta tulung
Sakieu panas hatena

Rincik rincang  rincik rincang
Jalanna ka buah batu
Neda-neda ka Hyang Agung
Panutan ulah sok bendu

Cai cai kopi kopi
Cai kopi panas keneh
Calik calik sareng abdi
Meungpeung abdi aya keneh

Kumaha mayunganana
Sangkan ulah kahujanan
Kumaha nulunganana
Sangkan ulah kaedanan

Pajar maneh rek  ka huma
Ka cai ngajingjing kendi
Pajar maneh rek karunya
Sihoreng bet nganyenyeri


Tidak ada komentar:

Posting Komentar