BAGEA DULUR

wilujeng sumping di rorompok blog sim kuring

mangga linggih, upami aya nu bade disuhunkeun mangga dihaturanan

Dianggo weh tarumpahna. Nyanggakeun saaya-aya

Minggu, 30 September 2012

PUPUH SUNDA


        Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.
       (Pupuh adalah bentuk puisi lisan tradisional Sunda (atau kalau di Jawa disebut juga macapat) yang tertentu polanya (jumlah suku kata dan bunyi) kalimatnya. Pada saat belum begitu akrab dengan bentuk puisi/sastra modern, pupuh biasa dipakai ketika membuat wawacan maupun dangding, selaras dengan watak masing-masing pupuh yang mewakili keadaan kejadian yang sedang diceritakan. Pupuh itu terikat oleh Guru Wilangan dan Guru Lagu. Guru Wilangan yaitu ketentuan jumlah baris tiap bait serta banyaknya suku kata tiap baris, sedangkan Guru Lagu adalah ketentuan bunyi vokal akhir tiap baris atau dang-ding-dung suara vokal pada suku kata terakhir tiap baris)

Macam-macam pupuh

Pupuh aya tujuh welas rupa (Pupuh ada 17 macam) yaitu :
  • Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.
  • Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.
  • Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.
  • Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.
  • Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.
  • Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.
  • Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.
  • Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah.
  • Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.
  • Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan.
  • Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.
  • Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.
  • Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat.
  • Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté.
  • Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.
  • Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.
  • Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nya éta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong.

SISINDIRAN III


Puyuh ngungkung dina kurung
Disumpitan teu katepi
Siang wengi abdi nguyung
Sok sering kaimpi-impi

Situ saeur parapatan
Jalanna ka alun-alun
Bilih aya kalepatan
Hapunten anu kasuhun

Cai-cai kopi kopi
Peupeujeuh mah dileueuet moal
Calik-calik sareng abdi
Peupeujeuh mah pacaket moal

Marakbak kembang ermawar
Kacampur jeung kacapiring
Sumeblak rasa kamelang
Hate mah teu genah teuing

Kembang culan kembang tanjung
Kembang sagala dongdoman
Rek sabulan rek sataun
Moal weleh diantosan

Samping hideung dina bilik
Kumaha dituhurkeunanan
Abdi nineung ka nu balik
Kamana mapalerkeunana

Ciung lain kerak lain
Japati belang jangjangna
Giruk lain ngewa lain
Bela pati ti anggalna

Sarikaya kembang laja
Kembang bonteng di astana
Ngarasa anu tunggara
Dirasa kieu rasana

Ka jami rek ngadon mantun
Ngahariring bari ngawih
Abdi mah alim dikantun
Alim dikantunkeun mulih

Kumaha dicarekna ngejo
Da puguh akar katapang
Kumaha dicarekna nempo
Da puguh nembe patepang

Mega mendung surya surup
Geus samar yen gara-gara
Neda agung nya tawakuf
neja jembar hapuntenna

Ngala suluh sok meunang regang
Dibeungkeutan tali rami
Bilih lami sok  teu patepang
Pamugi ulah rek lali

Empang nu teu dipelakaan
Koredas tembong cadasna
Tilas urang gogonjakan
Paturay kantun waasna

Kamana nyiar payung
Sakieu usum poekna
Ka saha nya menta tulung
Sakieu panas hatena

Rincik rincang  rincik rincang
Jalanna ka buah batu
Neda-neda ka Hyang Agung
Panutan ulah sok bendu

Cai cai kopi kopi
Cai kopi panas keneh
Calik calik sareng abdi
Meungpeung abdi aya keneh

Kumaha mayunganana
Sangkan ulah kahujanan
Kumaha nulunganana
Sangkan ulah kaedanan

Pajar maneh rek  ka huma
Ka cai ngajingjing kendi
Pajar maneh rek karunya
Sihoreng bet nganyenyeri