BAGEA DULUR

wilujeng sumping di rorompok blog sim kuring

mangga linggih, upami aya nu bade disuhunkeun mangga dihaturanan

Dianggo weh tarumpahna. Nyanggakeun saaya-aya

Kamis, 26 Mei 2011

SISINDIRAN II

Tong hayang ucing-ucingan
ucing belang candramawat
tong hayang ulin-ulinan
mun nganjang osok tibelat

lain-lain daun awi
lancah beureum ditaweuran
lain-lain bagja diri
bagja deungeun diheureuyan

nyanggakeun sabrang salayan
lebet ka cabe mah henteu
nyanggakeun tambih lumayan
lebet ka sae mah henteu

ka cihaur ka cimenyan
ka hilir ka jampang sari
wiat saur ka jungjunan
sok inggis teu tepang deui

ngurilingan sisi cai
nu herang cai talaga
kudu eling kana diri
di dunya seueur gogoda

aya lumut dina batu
aya kuya di muara
kedah tumut kana waktu
di dunya urang ngumbara

kincir ngait kana regang
kumaha meberkeunana
pikir ngait ka saurang
kumaha ngubaranana

jauh-jauh manggul awi
tos aya di kaparakeun
jauh-jauh neang abdi
tos aya disapirakeun

cag heula ah cangkeul ngetikna
bade ngopi heula.
permios.....

sisindiran I

lamun moal ka cipari
kajeun ka limbangan wae
lamun moal sa kanyeri
kajeun rek nyorangan wae

moal pati-pati gaplek
lamun lain solontongan
moal pati-pati daek
lamun lain popotongan

sanajan ditula-tali
moal cara jeung areuyna
sanajan digonta-ganti
moal jiga jeung anjeunna

kapiting katojo bulan
kokosan bantun ti lamping
sapeuting asa sabulan
ngantosan panutan sumping

disangka bahan calana
sihoreng kabaya ngongkon
disangka rek salilana
sihoreng pondok lalakon

sakitu heula ngke disambung deui.
mugia aya mangpaatna